
basa sunda
Presentation
•
Other
•
6th - 8th Grade
•
Practice Problem
•
Medium
Ade Bunyamin
Used 1+ times
FREE Resource
6 Slides • 13 Questions
1
By Ade Bunyamin
2
Kana lingkungan jeung kahirupan
Globalisasi, éta kecap téh geus mindeng disebut ku urang.
Éta kecap téh nuduhkeun kaayaan sakuliah dunya geus dianggap salingkungan.
Mun di nagara batur aya téhnik komunikasi, komputer, siaran televisi, sarua di urang ogé aya nu kitu. Urang kacida gampangna hayang nyaho naon baé nu aya di batur, anu tempatna jarauh.
Muka internet mah jol bréh baé kapangih, aya di hareupeun urang.Kaayaan tempat-tempat sadunya, anu sakitu jarauhna jadi deukeut pisan. Kawas urang jeung tatangga baé.
3
Fill in the Blanks
Globalisasi téh nuduhkeun kaayaan sakuliah _ _ _ _ _ anu geus dianggap salingkungan.
4
Fill in the Blanks
Ku ayana internet, urang jadi gampang
5
Kaayaan tempat-tempat sadunya, anu sakitu jarauhna jadi deukeut pisan. Kawas urang jeung tatangga baé.
Kahirupan batur di nagara séjén nu bébas pergaulanana, modeu pakéan, kadaharan, nu teu sarua jeung kaayaan urang babari pisan pangaruhna nepi ka urang.
Loba ditarurutan sanajan teu sarua jeung adat-istiadatna atawa kabiasaan hirup di urang.
Kitu diantarana, ayana téknologi nu kacida maju, modern.
Salian ti éta, pangaruh ékonomi atawa perdagangan anu sifatna global, bisa ngéléhkeun nu aya di urang. Contona bungbuahan saperti kadu (durén), apel, jeruk, bawang, béas, jeung sapapadana, éléh ku nu jol ti luar negeri.
6
Draw
Tulis hiji rupa kadaharan anu lain khas asli urang Indonesia !
7
Audio Response
sebutan 5 bungbuahan asli ti nagara urang Indonesia !

8
Durén asli jeung jambu éleh ku durén bangkok jeung jambu bangkok, apel malang éléh ku apel california, jeruk garut éléh ku jeruk RRT. Bawang beureum nu ti Ciparay, Brebes, éléh ku bawang vietnam. béas cianjur éléh ku béas vietnam
Tingtorojol buah nu saméméhna teu aya di urang, saperti kiwi, buah pir. Kitu deui, dahareun "cepat saji", saperti burger, pizza.
Pangaruh globalisasi dina widang pariwisata, tempat-tempat wisata dibangun. Anu tadina lahan pertanian, pasawahan, dirombak jadi tempat wisata. Lahan sawah jadi nyaeutikan. Patani jadi teu nyawah. industri diadegkeun, pabrik-pabrik dibangun. Kitu deui, pabrik mobil, pabrik motor di ungal tempat. Lahan sawah, lahan kebon, beuki kurang. Hasil tatanén, paré, béas kabutuh urang ogé diimpor ka nagara urang. Nu masih aya lahan pertanian, nu ngolah sawah, patani teu aya nu neruskeun da arindit ka kota jadi buruh pabrik.
9
Poll
Mana kadaharan anu asli ti Indonesia !
10
Pangwangunan kota, jalan, jeung komplek "perumahan dihangkeutkeun. Leuweung dibukbak dipaké jalan tol. Tatangkalan ditaluaran, leuweung gundul lantaran kaperluan bahan kai kacida gedéna, balukarna alam jadi ruksak. Ku ruksakna alam timbul musibah. Jadi mindeng aya urug jeung caah. Lian ti éta loba lahan anu kakeueum lantaran dipaké bendungan, sabab urang butuh ku tanaga listrik anu dihasilkeun tina éta bendungan.
Baréto pasawahan di Karawang téh lega upluk-aplak. Paré anu dihasilkeun ti dinya bisa nyumponan pangabutuh di Jawa Barat. Karawang meunang jujuluk gudang paré. Ari kiwari di dinya jlug-jleg pabrik anu ngalantarankeun lahan pasawahan kacontang. Antukna produksi béas di Karawang nyirorot. Pikeun nyumponan pangabutuh masarakat, kapaksa ngimpor ti luar negri. Karawang anu tadina gudang béas anu jadi andelan Indonesia ayeuna mah kudu ngadatangkeun béas ti luar.
11
Open Ended
Diwangunna pabrik dina lahan pasawahan, naon pangaruhna kana kahirupan di dinya!
12
Ku lobana pabrik dina lahan sawah, loba patani anu ngaligeuh. Lantaran rék digawé di pabrik teu katarima sabab geus kolot teuing.
Tah kitu di antarana, pangaruh globalisasi kana lingkungan jeung kahirupan urang téh.
13
Multiple Choice
Buah lokal nu éléh ku buah impor nyaéta…
Durén Bangkok éléh ku durén lokal
Apel California éléh ku apel Malang
Jeruk Garut éléh ku jeruk RRT
Bawang Vietnam éléh ku bawang Ciparay
14
Multiple Choice
Béas Cianjur ayeuna éléh ku…
Béas Karawang
Béas Vietnam
Béas Brebes
Béas lokal
15
Multiple Choice
Conto buah nu saméméhna teu aya di urang nyaéta…
Durén Bangkok
Kiwi
Apel Malang
Jeruk Garut
16
Multiple Choice
Pangaruh globalisasi kana widang pariwisata nyaéta...
Lahan pertanian beuki lega
Patani beuki sugih
Lahan pertanian dirobah jadi tempat wisata
Industri jadi ngurangan
17
Multiple Choice
Lahan sawah jeung kebon ayeuna beuki…
nambahan
ngurangan
18
Fill in the Blanks
Akibat leuweung gundul, alam jadi…
19
Fill in the Blanks
Karawang tadina disebut gudang…
By Ade Bunyamin
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 19
SLIDE
Similar Resources on Wayground
13 questions
bab 4 kls 7 A_B
Presentation
•
7th Grade
16 questions
Reconstruction Day
Presentation
•
7th Grade
17 questions
Mesopotamian Religion
Presentation
•
6th - 8th Grade
12 questions
ALGORITMI
Presentation
•
6th - 8th Grade
13 questions
Lamon-No-Shokudo
Presentation
•
KG
18 questions
Substâncias e misturas
Presentation
•
7th Grade
11 questions
Letrang Kk
Presentation
•
KG
14 questions
Resi Jatayu
Presentation
•
8th Grade
Popular Resources on Wayground
10 questions
Safety Day 2026 – Student Review
Quiz
•
9th Grade
21 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
6th Grade
20 questions
Parts of Speech
Quiz
•
5th Grade
16 questions
Subject & Predicate
Quiz
•
5th Grade
25 questions
Multiplication Facts
Quiz
•
5th Grade
12 questions
Map Skills
Quiz
•
3rd Grade
22 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
5th Grade
15 questions
Rounding Decimals
Quiz
•
5th Grade
Discover more resources for Other
21 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
6th Grade
20 questions
Context Clues
Quiz
•
6th Grade
10 questions
Columbus Day and Indigenous People's Day
Interactive video
•
5th - 8th Grade
20 questions
Rational and Irrational Numbers
Quiz
•
8th Grade
16 questions
Proportional and Non Proportional Relationships in Tables, Graphs, and Equations
Quiz
•
7th Grade
20 questions
Newton's Laws of Motion
Quiz
•
8th Grade
20 questions
Constant of Proportionality
Quiz
•
7th Grade
20 questions
Halloween Trivia
Quiz
•
7th Grade