
Kelas XII - SMT 1 - Bab III - Resensi
Presentation
•
World Languages
•
12th Grade
•
Practice Problem
•
Hard
Koko Komarudin
Used 5+ times
FREE Resource
7 Slides • 0 Questions
1
RÉSÉNSI
Bab III
Semester I
Tahun Ajaran 2024-2025
2
Naon Ari Résénsi?
Sacara étimologis, kecap résénsi asalna tina basa Latin, nyaéta
tina kecap revidere atawa recensere, nu hartina ningali deui, nimbang atawa ngajén.
Résénsi nyaéta hiji ulasan anu meunteun kaleuwihan jeung kakurangan hiji karya. Résénsi biasana dijieun dina wangun tulisan jeung ditujukeun keur ka anu rék maca/nongton.
3
Résénsi Buku
Jinis-Jinis Résénsi
Résénsi Film
Résénsi Musik
Résénsi Pertunjukan
4
Résénsi Buku
Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun méré nyaho ka balaréa yén éta buku
téh dianggap perlu dibaca. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi buku? Anu nulis résénsi buku mah bisa saha waé, ngan saratna éta jalma nu nulis résénsi téh kudu maca jeung paham heula sakabéh eusi buku.
Nulis résénsi buku biasana ti mimiti ngabéjakeun idéntitas buku, kayaning pangarangna, jilidna, penerbitna, taun terbitna, nepi ka jumlah bab.
Nu dirésénsi bisa tina jalan carita (galur), téma, tokoh, latar, jeung sajabana.
Conto Résénsi Buku aya dina buku pakét¨Basa Sunda Urang¨ kaca 52-53
5
Résénsi Film
Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun ngabéjakeun ka balaréa yén éta film
téh dianggap perlu dilalajoan. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi film? Anu nulis résénsi film ogé sarua jeung buku, bisa saha waé. Ngan saratna éta jalma kudu maham heula perkara film.
Eusi nu ditulis dina résénsi pilem biasana ngeunaan eusi caritana, tokohna, musik pangiringna, jeung sajabana.
Nulis résénsi film biasana ti mimiti ngabéjakeun idéntitas pilem, kayaning judul jeung jenis pilem, nu nulis skenario, sutradara, para palaku, jeung produser.
Conto Résénsi Film aya dina buku pakét¨Basa Sunda Urang¨ kaca 54-55
6
Résénsi Musik
Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun ngabéjakeun ka balaréa yén éta musik
téh dianggap perlu dilalajoan, alus atawa hanteuna. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi musik? Anu nulis résénsi musik ogé sarua jeung buku, bisa saha waé. Ngan saratna éta jalma kudu maham heula perkara musik.
Eusi nu ditulis dina résénsi musik biasana ngeunaan sejarahna, pamaén musikna, lirikna, jeung sajabana.
Conto Résénsi Musik aya dina buku pakét¨Basa Sunda Urang¨ kaca 56
7
Résénsi Pertunjukan
Tujuan ngarésénsi nyaéta pikeun ngabéjakeun ka balaréa yén éta Pertunjukan
téh dianggap perlu dilalajoan. Saha anu ngabogaan hak nulis résénsi Pertunjukan? Anu nulis résénsi Pertunjukan ogé sarua jeung buku, bisa saha waé. Ngan saratna éta jalma kudu maham heula perkara Pertunjukan.
Eusi nu ditulis dina résénsi Pertunjukan biasana ngeunaan eusi caritana, tokohna, musik pangiringna, tata panggung, tata suara, dandanannana, jeung sajabana.
Conto Résénsi Pertunjukan aya dina buku pakét¨Basa Sunda Urang¨ kaca 57-58
RÉSÉNSI
Bab III
Semester I
Tahun Ajaran 2024-2025
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 7
SLIDE
Similar Resources on Wayground
9 questions
Sudut Pandang
Presentation
•
12th Grade
7 questions
Bucip Senin Sharing
Presentation
•
12th Grade
7 questions
Modul ajar
Presentation
•
KG
9 questions
Materi Tekanan Zat Kelas 8 MTS
Presentation
•
University
8 questions
UPAYA MENGHADAPI GLOBALISASI
Presentation
•
12th Grade
8 questions
Menilai Buku Fiksi dan Nonfiksi
Presentation
•
12th Grade
8 questions
MODUL AJAR PAI SMPN 167 JAKARTA
Presentation
•
12th Grade
6 questions
QUIZ KOMPUTER AKUNTANSI
Presentation
•
12th Grade
Popular Resources on Wayground
24 questions
PBIS-HGMS Day 10
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
HCS SCI 03 Summer School Review 3
Quiz
•
3rd Grade
11 questions
Home Scope
Quiz
•
7th - 8th Grade
15 questions
HCS SCI 05 Summer School Assessment 3 Review
Quiz
•
5th Grade
35 questions
Lufkin Road Middle School Student Handbook & Policies Assessment
Quiz
•
7th Grade
18 questions
Geo 11.3 Area of Circles and Sectors
Quiz
•
9th - 11th Grade