
Dongeng Si Ujang Bangkong
Presentation
•
World Languages
•
7th Grade
•
Practice Problem
•
Medium
Siti Wardiyyah
Used 11+ times
FREE Resource
10 Slides • 10 Questions
1
Si Ujang
Bangkong
2
2
Jaman baheula, aya wanoja
miskin. Hirupna nunggeulis
tur hayang pisan boga
anak. Manéhna tuluy
neneda ka Nu Maha Kawasa
sangkan diparengkeun
boga anak. Bakating ku
hayang nya ngado’a, yén
sok sanajan budakma jiga
bangkong ogé moal burung
diurus jeung dipikanyaah.
Horéng do’ana diijabah ku
Pangéran. Harita kénéh
gubrag orok lalaki ...
3
3
... nu jiga bangkong! Kulitna
leueur jeung semu héjo,
beuheungna sengkek. Nu
séjén nyarebutna Si Ujang
Bangkong.
4
4
Ujang Bangkong morontod
jeung daékan mantuan
indungna di huma.
Manéhna ogé pada
mikaresep ku urang
lembur lantaran soméah
jeung daék tutulung. Tapi
kadieunakeun, Ujang
Bangkong remen ngalamun.
Horéng manéhna téh
hayang kawin. Ari nu
dipakabogohna lain jalma
joré-joré. Manéhna hayang
kawin ka putri raja. Ku
5
5
lantaran indungna kacida
pisan mikanyaahna, tuluy
Ujang Bangkong téh
dianteur ngadeuheus ka
karaton rék ngalamar putri
raja.
6
6
Satepina di karaton, raja
jeung putri nu genepan
nampik sapajodogan
panglamar ti Ujang
Bangkong. Tapi putri
nu katujuh, nyaéta putri
bungsu, karunyaeun ningali
Ujang Bangkong, tuluy
narima lamaranana. Raja
teu panuju jeung teu doa.
Tungtungna raja méré
pasaratan nu pamohalan
ka Ujang Bangkong, mun
keukeuh hayang ngawin
7
7
anakna. Ujang Bangkong
kudu bisa ngawangun
jambatan nu dijieun tina
emas, nu ngembat ti
imahna nepi ka karaton.
Ujang Bangkong ngan ukur
dibéré waktu salila tujuh
poé pikeun méréskeunana.
8
8
Ujang Bangkong kadua
indungna tuluy mulang
ka imahna bari jeung
lungsé. Tangtu waé
paménta raja téh pamohalan
kacumponan. Indungna
tuluy neneda ka Ka Nu
Maha Kawasa. Unggal
poé pagawéanana ngan
ngadekul waé ngado’a.
Heuleut tujuh poé, kalawan
teu disangka-sangka aya
kaanéhan. Kulit Ujang
Bangkong marékplékan jadi
9
9
emas! Ujang Bangkong
tuluy ngagunakeun éta
emas pikeun ngawangun
jambatan ti imahna
nepi ka karaton. Ujang
Bangkong tuluy salin jinis
jadi pangéran nu gagah tur
kasép.
10
10
Barang tepi ka karaton,
euweuh nu wawuheun ka
Ujang Bangkong. Ka putri
bungsu, pangéran tuluy
balaka. Putri kagét bari
jeung bungah. Raja milu
bungah sarta gancang
nyaluyuan kana lamaran
pangéran ka putri bungsu.
Maranéhna tuluy hirup
bagja, ninggalkeun genep
lanceukna nu saririk kabina-
bina.
11
Poll
Dongeng Si Ujang Bangkong teh asup kana jenis dongeng?
Fabel
Parabel
Mite
Sasakala
12
Multiple Choice
Wanoja anu ceurik téh ménta naon ka Pangeran (Tuhan)?
anak
bangkong
harta
imah
13
Fill in the Blanks
14
Multiple Choice
bangkong dina bahasa indonesia nyaéta sato ...
ular
katak
domba
ayam
15
Multiple Select
Kunaon pangna Ujang bangkong pada mikaresep teh? (ada 2 jawaban benar)
lantaran soméah (ramah)
lantaran daék tutulung (menolong)
lantaran bageur (baik)
lantaran resep ngobrol
16
Multiple Choice
Kadieunakeun Ujang Bangkong remen ngalamun. Kecap "ngalamun" miboga harti ......
merenung
berfikir
melamun
menyendiri
17
Fill in the Blanks
18
Multiple Choice
Saha nu narima panglamar Ujang Bangkong téh?
Raja
Putri Bungsu
Putri Cikal
Putri ka 4
19
Open Ended
pék caritakeun make bahasa hidep nyalira, potongan ilustrasi dongeng di gigir! (ceritakan menggunakan bahasa kamu sendiri sesuai potongan ilustrasi dongeng di pinggir)
20
Open Ended
Hal pamohalan (yang tidak masuk akal) naon nu aya dina Dongeng Si Ujang Bangkong?
Si Ujang
Bangkong
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 20
SLIDE
Similar Resources on Wayground
18 questions
FILIPINO 8-PAGHAHAMBING
Presentation
•
8th Grade
13 questions
Faktor Penyebab Terjadinya Perubahan Sosial dan Keberagaman
Presentation
•
7th Grade
18 questions
TEKS BERITA
Presentation
•
8th Grade
15 questions
Klas 1 - H1 - Het indelen van tijd
Presentation
•
7th Grade
19 questions
Hawaiian History - Missionaries / end of the kapu system
Presentation
•
7th Grade
14 questions
PRESENTASI HARI SUCI AGAMA HINDU
Presentation
•
7th Grade
15 questions
CIRI-CIRI MAKHLUK HIDUP
Presentation
•
7th Grade
16 questions
Recount Text
Presentation
•
7th Grade
Popular Resources on Wayground
24 questions
PBIS-HGMS Day 10
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
HCS SCI 03 Summer School Review 3
Quiz
•
3rd Grade
11 questions
Home Scope
Quiz
•
7th - 8th Grade
15 questions
HCS SCI 05 Summer School Assessment 3 Review
Quiz
•
5th Grade
35 questions
Lufkin Road Middle School Student Handbook & Policies Assessment
Quiz
•
7th Grade
18 questions
Geo 11.3 Area of Circles and Sectors
Quiz
•
9th - 11th Grade